DI AJAR BASA INGGRIS-SUNDA : CLAUSE, SENTENCE JEUNG PHRASE
Jumat, 31 Januari 2014
Bagéan ka Hiji
CLAUSE, SENTENCE JEUNG PHRASE
Assalamualaikum
Warrrahmatullohi Wabarakatuh.
Nyalindung abdi ka Gusti Alloh anu Maha
kawasa tina pirang-pirang gogoda sétan nu di la’nat. Kalayan asma Manten-Na
Rohman Rohim salawasna, Welas asih ka mahluk-Na, anu Mikadeudeuh Mikatresna.
Puji sinareng sukur, sumangga urang sanggakeun ka Alloh Robbun Ghopur. Solawat
kalih kawilujengan mugia tetep dicurah limpahkeun ka panutan alam, ya’ni Habibana,
Wannabiyyana, Kanjeng Nabi Muhammad SAW, teu hilap ka kulawargina, ka para
sohabatna, ka para tabi’in tabi’at na anu satia turut tumut kana ajaran
Anjeunna, tug dugi ka urang sadaya illa yaumil qiyamah, Amiin ya Alloh, Ya
Robbal Aalamiin.
Simkuring Budi Tutup Botol maksad medar ieu
pangajaran basa Inggris, teu aya langkung sanés hoyong ngamanpaatkeun élmu ka
nu lian, pikeun gampilna diajar basa Inggris téh. Ulah sieun ku héséna diajar
basa Inggris téh. Hususna ka urang sunda, urang kudu ngigelan kana kamajuan
jaman, nyaho kana basa nu lian, barianan ulah ningalkeun kabudayaan. Kango
pangajaran nu munggaran simkuring badé ngabahas perkawis “CLAUSE, SENTENCE JEUNG PHRASE”.
Simkuring nyerat kana ieu catetan/pangajaran kalayan
ngango basa sunda nu campuran (loma, lemes, kasar, indo) sareng deui di
papaésan ku mangrupi guyonan/komunikasi langsung supados resep kana maosna
sareng gampil kaémut na ku para Nonoman Sunda boh para rumajana atanapi anu tos
sarepuhna. Sateuacanna simkuring ngahaturkeun séwu nuhun laksaketi kabingahan
hususna ka De Cherlents nu tos ngarojong kana ieu pangajaran, ku
jalaran masihan pangwurukan, nu mangrupi pirang-pirang catetan, anu kalintang
ageung ka mangpaatan. Mugia Sing janten amal ibadah sareng di bales ku kasaéan
anu langkung ageung ti gusti Alloh SWT pikeun aranjeunna. Amiin ya Alloh, Ya Robbal Aalamiin.
Supados teu nyangkolong kana waktos, moal
seueur deui nyarios, Manga wilujeng maos.
CLAUSE, SENTENCE JEUNG PHRASE
Kadang urang sok
bingung, hésé ngabédakeun clause, sentence jeung phrase téh, sabab da hampir
sami, namung da benten dina kanyataan na mah, nanging masih kénéh sadulur
sawargi kénéh éta téh. Terus Kumaha sich carana ngabédakeun nu tiluan éta..?
Ah gampil da
carana mah, ngarah terang kumaha carana kango ngabéntenkeun clause, sentence
jeung phrase mah. Aos sing tenget seratan di handap ieu:
1.
Clause nyaéta kumpulan kecap/kata
anu ngagaduhan subject jeung predicate, tiasa mangrupi kalimah atanapi henteu.
2.
Sentence nyaéta kumpulan kecap
anu kasusun tina subject jeung predicate, sareng deuih ngagaduhan harti anu
lengkep, atanapi sentence teh atuh anu sok disebat kalimah tea.
3.
Phrase nyaeta kumpulan
kecap anu teu ngagaduhan subject jeung predicate.
PERHATOSAN :
SUBJECT = SUBJEK = POKO KALIMAH = JEJER.
PREDICATE = PREDIKAT = CARITAAN.
WORD = KATA = KECAP.
CLAUSE = KLAUSA = WINANGUN KALIMAH.
SENTENCE = KALIMAT = KALIMAH.
Kumaha,,
kahartos teu...? ah nu teu ngartos ngacung wé di parapatan..héhéhé..
Sok kango
aranjeun anu hoyong langkung ngartos kana ieu pangajaran, hayu urang teraskeun
deui, urang bahas hiji-hijina. Nanging sateuacanna kedah di emutnya, IEU MAH URANG DIAJAR TATA BASA BAHASA
INGGRIS (GRAMMAR), sanés diajar tata basa bahasa Sunda atanapi bahasa
Indonésia. Kumargi jelas seueur béntenna antawis bahasa Indonésia, Sunda jeung
Inggris mah, salah sawios béntenna dina wangun tata basa na.
A. CLAUSE (WINANGUN KALIMAH/KLAUSA)
Tadi di pengker
tos di bahas perkawis clause, nya ari clause téh nyaéta kumpulan kata/kecap anu
ngagaduhan subject jeung predicate, tiasa mangrupi kalimah atanapi henteu. Kadé
ulah hilap deui. Arapalkeunnya..héhéhé..
Anjeun gé pasti
tos terang nu di sebat subject téh naon, bilih harilap deui subject téh nyaéta
cariosan (topik/poko kalimah) anu nuju di carioskeun, tiasa éta mangrupi jalmi,
kaayaan, tempat atanapi barang. Tah ari predicate mah nyaéta hiji hal anu
ngajelaskeun kana éta subject.
Tapi...Ké....ké....ké..........
Naon maksud na tah cariosan nu tadi “tiasa mangrupi kalimah atanapi henteu?” rieutnya...?
Tah ambéh teu rieut, urang diajar heula sasarengan, perkawis jenis-jenis
clause. Clause éta kabagi dua bagéan, hiji independent clause, kadua dependent
clause. Kango penjelasannana manga aos pangartosannana di handap ieu :
1.
Independent clause, nyaéta klausa/winangun kalimah anu tiasa
kahartos ku nyalira da kumargi atos gaduh hartos anu lengkep. Janten
independent clause ieu mah mangrupikeun kalimah anu tos sampurna dina hartina,
henteu nimbulkeun deui pertarosan, nya pokona mah kahartos maksudna wé, sanajan
kalimahna ponok. Heup. Kahartos pan....?
2.
Dependent clause, nyaéta klausa/winangun kalimah anu kirang kahartos
eusina sabab hartina téh teu acan lengkep/sampurna, butuh penjelasan deui ku nu
sanés, anu matakna teu tiasa di sebat kalimah anu utuh/sampurna. Dependent
clause biasana sok di kawitan ku sub-ordinating conjunction, nyaéta kecap kango
ngahijikeun dua klausa anu silih pakait harti. Conto kecap sub-ordinating
conjunction sapalihna nyaéta : after, altough, when, because, if, as, while. jst.
Bilih kirang
kahartos, manga aos conto di handap ieu :
-
Unéh is good at singing
because she practices a lot.
Independent cl. Dependent
cl.
[Unéh tiasaan nyanyina kumargi
anjeunna mah mindeng latihan.]
-
When I was in a child,
I used to swim in the river.
Dependent cl. Independent cl.
[Nalika abdi nuju alit keneh,
abdi tos biasa ngojay di walungan.]
Kumaha
tah,, kahartos ayeuna mah...?
B. SENTENCE (KALIMAT/KALIMAH)
Maenya
wé teu terang kana sentence, eta cai nu bodas tina parudan kalapa,,? Cai Santen
eta mah...héhéhé.. heup ah.... Sentence téh nyaéta kalimah. Anu namina kalimah
éta kedah ngagaduhan 3 syarat ieu, nyaéta : subject, predicate jeung harti nu
lengkep.
Supados
kahartos, sareng ambéh teu nyangkolong kana waktos.
Tingali
conto di handap ieu :
-
I wake up at 5 in
the morning. [Abdi sok gugah tabuh 5 énjing-énjing.]
Subject predicate harti nu
lengkep
-
Udin is very
friendly. [Udin mani soméah.]
Subject
predicate harti nu
lengkep
PERHATOSAN:
When
you meet my parents. [Nalika anjeun pependak jeung sepuh kuring.] Tah kalimah
nu éta mah sanés sentence, sanajan ngagaduhan subject jeung predicate, namung
hartosna teu lengkep. Sok cobi aos deui geura seratan anu ngabahas perkawis
dependent clause nu di pengker.
Saatosna
anjeun paham kana ieu sentence, kango saterasna urang kedah terang kana naon
baé jenis-jenis sentence téh. Jenis-jenis sentence éta tiasa di béntenkeun tina
predicate na, pungsina jeung rupana/bentukna. Kango penjelasannana nu langkung
lengkep na, yu ah urang aos sasarengan.
a.
Ditingali tina Predicate-na
Ka bagi
janten 2 sentence lamun di tingali tina predicate na mah, nyaéta verbal
sentence jeung nominal sentence.
1.
Verbal Sentence
Saényana gampil pisan, kango urang ngémut-ngémut kana verbal sentence téh. Kieu carana, Lamun
urang mendakan kana kalimah, anu dina éta kalimah téh aya kecap pagawéanan
(kata kerja/verb) tah nu kitu téh di
sebatna verbal sentence. Dina basa Inggris mah wajib hukumna, teu menang
henteu,Tapi Wajib kénéh solat ketang...hehehe.. Cenah dina tiap-tiap kalimah téh
kudu aya verb-an. Sabab dina éta verb téh sok ngajelaskeun kana kagiatan, kana kajadian
tur naon baé anu ku urang di pikirkeun jeung di rasakeun supados kahartos kana
eusi éta kalimah téh.
Manga tengetan conto di handap ieu :
§ Birds fly in the sky.
[Manuk-manuk keur ngarapung di awang-awang.]
§ Karman drives
carefully.
[Karman nuju nyetir bari alon.]
2.
Nominal Sentence
Bénten sareng verbal
sentence, dina nominal sentence mah eta teu ngango kecap pagawean (out of
verb). Wah....terus kumaha atuh carana, pan tadi cenah dina kalimah inggris mah
kedah aya verb-an,. Keun tenang,, biasa wé,, da verb téh aya seueur réréncangannana
anu tiasa diango, diantawisna nyaéta kecap sipat/kaayaan (kata
sifat/adjective), kecap katerangan (kata keterangan/adverb), kecap barang (kata
benda/noun, sanés naon nya hehe), atanapi kecap gaganti (kata ganti/pronoun).
Kumargi henteu aya verb-an,janten urang wajib ngango auxiliary verb BE nyaeta : “are, am, is”
dihijikeun jadi ARAMIS.hehe.. sareng “was, were”. Auxiliary verb téh eta pikeun
sarat kango ngaréncangan rerencangannana verb nu tadi, anu ngagaduhan pungsi janten
kecap pagawéan nu utami (kata kerja utama/main verb).
Supados langkung
jelas, tingali conto dihandap ieu :
- They are generous.
[Maranéhna béréhan.]
- Mr. Emug is at school.
[Kang. Emug nuju aya
di sakolaan.]
- I am a dancer.
[abdi téh tukang
jogéd.]
- It is I who own the house.
[Ieu sareng abdi anu
ngagaduhan rorompok itu.]
PERHATOSAN :
Simkuring mindeng
mendakan kalepatan kawas kieu :
· Hilapeun BE dina nominal sentence
· Wani-wani nambihkeun BE dina verbal sentence
b.
Di tingali tina Pungsi na
Upami ningali tina pungsina, sentence ieu kabagi janten 4
bagéan, nyaéta : declarative, question, imperative jeung exclamatory.
1.
Declarative
Declarative nyaéta
kalimah panyataan (kalimat pernyataan), tiasa positip tiasa negatip.
Contona :
- Mr. Uned is not a wise headmaster
[Kang. Uned sanes
pupuhu sakola anu wijaksana]
- Icih smiles beautifully
[Icih imutna mani
geulis]
2.
Question
Question nyaéta
kalimah pananya. Kalimah pananya éta aya 2 jenis, nyaéta : Yes/No Question (teu
ngango kecap pananya/tanpa kata tanya) kecap pananya dina basa Inggris aya 9,
disebatna 8W1H, nyaéta : what, where, when, which, why, whose, who, whom, how.
Jeung hiji deui éta
anu ngango kecap pananya 8W1H nu tadi (question words). Sanajan kitu aya nu
ngango kecap pananya aya nu henteu, nu penting mah kalimah pananya éta kudu
ngajadikeun pertarosan, jeung tiasa di waler éta pertarosan téh.
Supados jelas kadua-dua
na éta, tingali conto di handap ieu :
- Are you afraid of spider ?
[Naha anjeun sieun
ku lancah?]
- Why do you love me?
[Naha anjeun bet
bogoh ka kuring?]
3.
Imperative
Imperative nyaéta
kalimah paréntah atanapi kalimah panyaraman.
Tingali conto di
handap ieu :
§ Give it to your uncle !
[Pasihkeun ieu ka
emang anjeun !]
§ Don’t break the rules !
[Ulah ngalanggar
aturan!]
PERHATOSAN :
Subject dina kalimah
Imperative éta nyumput, atanapi teu kaatingali. Subject na téh nyaéta you
(jalmi nu diajak nyarios).
4.
Exclamatory
Exclamatory nyaéta
kalimah pikeun némbongkeun rasa/perasaan nu kuat. Jeung deuih tiasa kango
némbongkeun kahoyong/harepan/do’a.
Ieu conto kango
némbongkeun rasa nu kuat(takjub) :
- What a diligent girl !
[Euleuh, mojang teh
mani hideng pisan !]
- How diligent she is !
[Euleuh, anjeunna mani
hideng !]
Tah pami Ieu conto
kango némbongkeun kahoyong/harepan/do’a :
- God bless you.
[Gusti Allah nangtayungan anjeun]
- Praise be to God.
[Ari sadaya puji éta
kagungan Gusti Allah]
c.
Di tingali tina Rupana
(bentuk)
Upami di tilik tina rupana mah, sentence téh éta kabagi
janten 4 rupi, nyaéta : simple sentence, compound sentence, complex sentence,
jeung compound-complex sentence.
1. Simple Sentence
Simple sentence
nyaéta kalimah pondok/biasa, mung kabentuk ku hiji subject jeung hiji
predicate. Gampil nu ieu mah, tingali contona :
- Karman always work hard.
[Karman osok gawé
beurat.]
- We want you to join us.
[Abdi sadaya hoyong
salira tiasa gawé bareng sareng abdi sadaya.]
2. Compound Sentence
Compound Sentence
nyaéta kalimah anu ngagaduhan dua independent clause anu di hijikeun ku
coordinating conjunction. Cik badé naros, naon ari coordinating conjunction
téh..? hmmmp... teu aya nu terangeun gening,, taros ka tukang bas
geura,,,hehehe. Coordinating conjunction téh nyaéta sakempelan kecap anu
ngagaduhan pungsi kango ngagabungkeun kecap (kata), phrase, atanapi independent
clause/klausa independen anu saimbang. Coordinating conjunction aya tujuh
kecap, nyaéta For, And, Nor, But, Or, Yet jeung So. Upami dihijikeun janten
“FANBOYS”.
Bilih teu acan
ngartos, tingali conto dihandap ieu :
- Atang is a vegetarian, so he doesn’t eat meat.
[Atang eta jalmi
vegetarian, janten anjeunna mah teu nuang kana daging.]
- Money is important, but it’s not everything.
[Artos éta penting,
namung artos téh sanés sagalana.]
3. Complex Sentence
Complex Sentence
nyaéta hiji kalimah anu kabentuk ku hiji
independent clause jeung dependent clause anu di hijikeun ku
sub-ordinating conjunction.
Bingungnya
sub-ordinating conjunction téh naon? pan tos di jelaskeun tadi di pengker.? Nya
atuh sok ku kuring di jelaskeun deui, sub-ordinating conjunction nyaéta kecap
kango ngahijikeun dua klausa/winangun kalimah anu silih pakait harti.
Conto kecap
sub-ordinating conjunction sapalihna nyaéta : after, altough, when, because,
if, as, while. jst. Éngké deui wé penjelasan anu langkung lengkepna mah
perkawis sub-ordinating conjunction téh, wios pan..? da bageur..?héhéhé.
Bilih bingung kénéh,
tingali conto ieu:
§ A lot of people give up smoking because it is
dangerous.
Independent cl. dependent
cl.
[Seueur jalmi anu
lirén tina ngaroko kumargi ngaroko téh éta bahaya.]
§ If you feel uncomfortable, you can leave this room.
dependent cl. independent cl.
[Upami anjeun
ngaraos teu betah, anjeun tiasa ningalkeun rohangan ieu.]
4. Compound-Complex Sentence
Compound-Complex
Sentence nyaéta hiji kalimah anu ngagaduhan hiji/leuwih independent clause
sareng hiji/leuwih dependent clause, anu dihijikeun ku Coordinating conjunction
atawa ku sub-ordinating conjunction.
Keun ulah rieut, tingali wé contona :
- Imas is very confident and she’ll always be wherever
she is.
Independent cl.
dependent cl. dependent cl.
[Imas mani wanteran,
jeung deui da anjeunna mah osok kitu dimana wae oge.]
- When we have time, we usually go for a
walk or we just stay at home.
dependent cl. independent cl. independent cl.
[Nalika abdi sadaya gaduh
waktos, abdi sadaya osok jalan-jalan atanapi calik waé dibumi.
Alhamdulillah,,
réngsé oge gening wawacan perkawis sentence téh. Kumaha tah, kahartos teu,
TERLALU wé pami teu ngartos mah. Héhéhé. Nu salajengna nyaéta phrase. Keun da
pondok ieu mah.
C.
PHRASE (PRASA)
Émut
kénéh teu, naon ari phrase téh..? henteu..? ampuuuun... éta tos hilap deui,
karék gé nembé di jelaskeun... yeuh ari phrase téh nyaéta Phrase nyaeta
kumpulan kecap/kata anu teu ngagaduhan subject jeung predicate.
Contona
mah tingali wé ieu :
- A cat [sakadang ucing], in the world [di alam dunya], the young lady [wanoja ngora] jst.
Alhamdulillah, pangajaran
kahiji réngsé sadayana. Insya Allah pami aya yuswa / kasempetan ieu pangajaran
INGGRIS-SUNDA badé teras dilajengkeun, neda pidu’ana wé ti sadayana. Ti kawit
dugi ka ahir, di cekapkeun sakieu baé, mugia sing aya mangfaat na, simkuring
Budi Tutup Botol neda panghapunten bilih aya cariosan anu teu merenah kana
manah, ma’lum namina gé manusa anu hakékatna teu lepas tina hilap jeung salah.
Sakali deui simkuring ngahaturkeun séwu nuhun laksaketi kabingahan ka De
Cherlents, ku bakat pangwuruk aranjeunna simkuring tiasa nyerat kana ieu pangajaran.
Wallohi muwafiq,
illa aqwamith thoriq.
Assalamualaikum
Warrrahmatullohi Wabarakatuh.
0 Waleran:
Posting Komentar