CERPEN BAHASA SUNDA HALIMUN PEURAY
Minggu, 13 Oktober 2013CERPEN BAHASA SUNDA
HALIMUN PEURAY
bag 1
Halimun Peuray
Lalaunan
hordeng kamar ditutupkeun, sorana kadenga nyerelek.
Paneuteup Inu nu munggaran kana kado di juru, ampir minuhan satengaheun kamar.
Sawareh geus dibukaan di tengah imah tadi. Breh ranjang panganten, meunang
mapaesdihade-hade. Dituruban sepre pulas bulao ngora. Poe ieu cenah manehna teh
geus jadi salaki.
Kuduna mah
panganten teh bungah. Rajana poe pan poean kawin teh. Tapi ayarasa paur nyebitan
hate Inu. Sok sieun Mila nyahoeun. Mila kadeudeuh ati, nudiajam bakal jadi
pamajikanana jaga, mun geus kahontal gelar nu kapiangen kumanehna.
"Kang
Inu." Deukeut pisan sora teh, tapi Inu teu hayangeun ngalieuk.
"Kang Inu,
tos tuang?" kadenge sora nu nanya teh. Lalaunan Inu mukakeunkancing jasna
hiji-hiji.
"Sesek
keneh," tembalna pondok.
Teu hayangeun
mere hate ka Awit teh. Lantaran Inu sieun aya katresna nungunggahan dirina, nu
ngunggahan diri Awit. Manehna ukur hayang nulungsasemet nulung, saperti nu
dicaritakeun dina jangjina.
"Kang Inu
bade bobo?"
"Sanes
bobo. kulem kituh, ulah bubudakeun, da ayeuna mah Awit teh tos terehjadi
indung," pokna angger sugal, tur teu nyanghareup ka nu ngajak nyarita.Teu
perlu ngogo, ceuk pikir Inu. Lantaran Inu yakin, awewe kawas Awit moalmibanda
parasaan nu lemes cara Mila. Mila mah salawasnya ampuh timpuh, andalemi unggal
nyanghareupan manehna.
"Mun bade
bo..... eh kulem, ieu piyamana," cek Awit. Inu ngalungkeun jasna kanaluhur
tempat tidur.
"Tong
hoyong sareng, da urang mah papangantenan. Sanes nyaan," cek Inu.
Ayeuna mah Inu
diuk dina sisi ranjang. Suku kencana diacungkeun. Lalaunan selop panganten
didudut da rada sereg, ma'lum beunang nyewa.
Lung-lung selop
teh dialungkeun ka sisi. Keris dicabut tina beubeur, terusditeundeun, dicekel
bari dialak-ilik.Leungit harga diri aing teh, gerentesna. Mun seug batur nyarahoeun
yen dinabeuteung Awit aya budak nu lain anakna, tada teuing, meureun
cenahdadaekanan ngawin awewe urut batur.
"Kang Inu
pangmukakeun kancing streples sok. Awit hese," cek Awit.
"Buka we
nyalira!" tembal Inu sugal. Panonna angger neuteup keris nu keurdicekel.
Ngarumbay runtutan kembang sedep malem nu ditalikeun kana gagangkeris.
"Hese!"
cek Awit.
"Pangmukakeun
ka batur," omong Inu. Kembang sedep malem ngumpul dinadampal
leungeunna.Teu hayangeun mere hate, teu hayangeun ngogo Inu mah, sieun enya
Awit the asa dipideudeuh, dipicinta. Padahal nu nyababkeun manehna daek ngawin
Awitteh taya deui iwal ti cipanon indungna. Indungnya ngageuri bari
ngolo-ngolo,menta dipangnyaitkeun sobatna tina wiwirang. Awit kakandungan,
kajeun kawinayeuna pegat isuk cek paribasana.Mila nu dipideudeuh ku Inu mah, nu
ayeuna keur nungguan di Garut. Deudeuhgeulis, antosan Kang Inu, gerentesna.
"Pangmukakeun
sakedap atuh, Kang Inu!"
Jung Inun
nangtung. Keris dibantingkeun kana luhur ranjang. Breh beungeut Awit,hate Inu
ngareunteut. Ku geulis atuh Awit teh. Tapi eta nu belenu dinabeuteungna, jadi
ciri yen dirinya geus digeugeuleuh deungeun. Lebar kugeulisna...., mun seug
kawin teh lain kawin bobohongan, heg Mila nu ayeunamenta dipangmukakeun kancing
streples teh, tada teuing.
"Tong lelewa.
Wit. Awit uninga Kang Inu tos gaduh piistrieun di Garut? Keresasoteh kikieuan
pedah bae hawatos ka Ema......."
"Kang
Inu?" Awit olohok. Manehna ngarawu deui kabaya buludru hideung nu
tadingalumbruk dina ranjang, rup disimbutkeun kana taktakna.
"Sababaraha
taun kapengker, Ema teh kantos teu damang repot. Ku pitulungnarama, anjeunna
tiasa pulih deui. Ema kahutangan budi ku rama. Kang Inu ayeunanu mangmaleskeun
budi kasaean rama ka pun biang teh."Inu nukangan, terus leumpang,
salengkah, salengkah. Reg eureun hareupeunkaca antik nu lonyod ngagantung. Gap leungeunna
kana gadona. Aya jajakakasep dibendo dina jero eunteung teh. Inu nenjo tina
kaca, Awit keurngancingkeun deui kabaya pangantenna.
"Awit
kedah ngartos. Kang Inu kikieuan teh sanes teu terang di harga diri. Tapi
etahutang budi, beurat pisan narimakeunana. Mun sareatna teu aya rama,
meureunEma geus teu aya dikieuna. Sanajan aranjeuna teh ukur sobat dalit, tapi
layeutnageus lir dulur pet ku hinis. Ulah ngareken naon ka Kang Inu, Awit teh.
Ayeuna hijimojang keur ngantos Kang Inu pikeun dipihukum. Awit
ngartos?"Inu malik. Ret neuteup ka nu geus dikabaya deui. Buludru hideung
semet tuur,ngaboleklak pasmen nu ngedat sakuriling sisina katojo lampu. Teu
nembalan Awit teh, ngan sirahna unggeuk. Aya nu ngagenclang dinabubuleud
panonna.
Engke di teraskeun di bag 2
0 Waleran:
Posting Komentar