NOVEL HALIMUN PEURAY

Selasa, 29 Oktober 2013



NOVEL HALIMUN PEURAY 
BAG 4
 Wanci asar Inu tepi ka imah indungna. Poe nu lenglang, taya sari pihujaneunngotoran langit. Ngan katara layung hurung munggah burahay. Kawas sasariimahna teu weleh tiiseun. Imah leutik, pangeusina ukur tiluan, raresik bareresih.Ngahaja Inu nyalingker jalan ka dapur.Katenjoeun Yuyum, adina, keur nyokelan taneuh pepelakan. Beletuk ku Inudibaledog tonggongna. Lep deui nyumput tukangeun tembok imah.
"Saha nu maledog teh, Ema, nya," cek Yuyum.
"Ah, ari Yuyum, nanaonan atuh Ema kolot-kolot babaledogan."
Inu nyerengeh. Kop deui kana batunu rada gede. Beletuk dibaledog lebah bujurna.Yuyum ngalieuk deui. Ayeuna mah cengkat, bari nyenyekel aritna. Luak-lieuk.
"Teang saha nu heureuy teh, ku Ema ge katara batuna," cek indungna.
"Bi Umi, pangneangkeun ..."
"Ah, ari Nyai onaman, sok borangan ...," cek Bi Umi.
"Babaturan meureun heureuy," cek indungna deui.
Memeh Yuyum neang ka tempat panyumputan Inu, keleweng bungkusanpibajueun dialungkeun meneran kana beungeutna.
"Aduh... naon ieu teh?" Yuyum nunda aritna. Bray mukakeun bungkusan. Gerewekngajerit.
"Kang Inu... Mana... Si Kang Inu, moal salah ...," bari surak.
Inu kaluar tina panyumputanana. Gabrug Yuyum ngarangkul, jeletot nyiwit kanapuhu leungeunna.
"Adodo...doow, tong nyiwit atuh, Yum."
"Ngewa... ngareureuwas ..."
"Si Ujang .. paingan ngalangkang wae dina panon ti beurang keneh."
Solongkrong Inu munjungan ka indungna. Katara paroman indungna marahmaybangun bungah. Gap nyekel kana leungeun katuhuna.
"Iraha ti Bandung?" pokna.
"Siang...," tembalna pondok. Solongkrong ka Bi Umi.
"Cageur Jang?"
"Pangestu..."
"Geuwat haneut-haneutkeun dahareun, Umi, lapareun meureun Si Ujang ...," ceukindungna. Guk-gek nu dipisono teh dariuk deukeut manehna.
"Kumaha Neng Awit teh, Jang?" Kop indungna kana koper manehna. Sokditeundeun dina luhur meja.
"Ah, kitu we. Tadina mah bade enggal-enggal diberesan, ngan saur Tanteu Opieteh engke wae mun budak tos lahir cenah, Ma..."
"Nya keun wae atuh, Ujang... wayahna we, da Ema teh moal poho kana kahadeanbudi maranehna teh. Kumaha cek Ujang?"
"Muhun mangga we sanggem Inu teh..."
"Heueuh sukur... Cing Yuyum ieu bawa ka dituh koper Akang, heg mawa cainanaon, lain kalah diuk, keun lanan ngobrol mah..."
"Entong kaprak-keprek, Ma... wios, da tos sesek, tadi bade mios neda heula direrencangan."
Jung Inu nangtung. Koper dijingjing dibawa ka kamarna. Kameja dilaan, sokdigantungkeun dina paku. Rarat-reret, teu weleh bareresih kamar teh najaneuweuh pangeusina ge.
"Kang... ieu rek eueut?" cek Yuyum, bari song mikeun cai sagelas. Sok diteundeundina luhur meja leutik.
"Naon, Jang... pek atuh rek reureuh mah, keun engke ngobrol mah, capemeureun ..."
"Ih, henteu ... ieu bisi kabujeng kaanggo ..." Sok duit lambaran teh dibikeun kabehka indungna.
Indungna ngitung duit pamere anakna tea, Yuyum umat-imut ngawaskeun.
"Na sabaraha Ujang gajih teh ayeuna, geuning ka Ema mere mani loba kieu, naekmeureun, nya?"
"Ah, henteu... sadaya we di ka-Ema-keun, da abdi mah pan neda perdio, sasih ieumah..." Serengeh seuri.
"Naha moal nyakuan pisan atuh?"
"Atos, kanggo ongkos we sareng roko ..."
"Ma... Yuyum kaos tea ...," cek Yuyum.
"Ih, naon ieu teh.. Ema teh pan boga kiriditan ..."
"Atuh... Ma, pira ge dua rebu. Ma ..."
"Itu pan pibajueun ti Akang can dikaput, na ari Yuyum ..."
"Enya Ema mah, ari kamari mah ... cenah ke mun datang Kang Inu ..."
Inu mesem. Ku taya deui atuh rajana kabungah teh iwal ti dibageakeun ku indungjeung adi. Maranehna nu mikadeudeuh, nu dipideudeuh. Nu ngagantungkeunhirupna ka manehna. Karasa hirupna teh asa aya nu ngadagoan. Tapi mun seugmanehna geus kawin, naha Mila ridoeun mun rejekina dibagi dua jeung keurindungna. Ah, piraku da kacirina ge Mila mah bangun bageur, moal kawas Awitsugan, da manehna mah kaasup jalma biasa, kawas Inu, teu cara Awit nusalawasna aya dina kasenangan, tara nyaho naon ari kasusah teh.
"Enya ... ke ari aya sesana kop keur Yuyum ..." Nu paloba-loba carita kadengekeneh. Inu imut ngagelenyu.
"Yum, Yuuuum, ka dieu geura."
"Kaah ..." Teu lila katenjo jelemana ngurunyung.
"Hayang naon Yuyum teh?" cek Inu. Panonna neuteup beungeut adina. Yuyum the geus rumaja putri, keur meujeuhna resep dangdan. Jeung geus kaciri geulisna the deuih.
"Kaos ... Ema mah Kang, ari kamari mah ke ngadagoan Kang Inu."
"Loba kaperluan meureun, Yum ... sabaraha?"
"Dua rebu ..."
"Geus tong ribut, ke ti Akang ..."
Katenjo Yuyum imut bangun bungah. Leungeun katuhuna mintel-mintel karet nu titadi dicecekel.
"Kang Nu ... basa kamari ieu Yuyum pendak jeung Ceu Mila keur duaan jeungpameget ..." teu kebat Yuyum nyarita kaburu indungna ngurunyung deui ka jero.Bray mukakeun koper Inu.
"Bisi aya seuseuheun. Jang ..."
"Beresih sadayana ge, Ma ..."
"Na saha nu mangnyeuseuhkeun?"
"Duka ku Awit sugan dikajongoskeun ..."
"Na ... Sa..."
"Henteu ... Inu mah kamar nu hiji deui. Awit mah sareng pangasuhna di kamar nugigireun. Moal atuh Ma ... Inu ge da gaduh emutan."
Indungna imut ngagelenyu. Imut indung nu salapan bulan ngakandung. Nusalawasna mideudeuh, nu ngadu'akeun teu kendat-kendat. Ayeuna eta imutangger nganteur manehna bajuang keur pikahareupeun.
"Moal sare mah urang ngobrol we atuh di tepas, nam, ulah ngobrol di kamar sare,teu hade," cek indungna.
Yuyum jeung indungna kalaluar ti kamar. Ari manehna rap kana baju kampretbodas. Teu lila nuturkeun ka hareup. Bet jadi ingeteun ka Mila. Kapangaruhan kucaritaan adina bieu, cenah reureujeungan jeung lalaki?Kop kana rokona, didudut sabatang. Gur diseuneuan. Lung nu sawarehnadialungkeun kana meja leutik.
Mila jeung lalaki sejen? Piraku ... serebung haseup roko ngelun ngaliwatansirahna, terus mumbul ka luhur.
Disampeurkeun teh indungna keur nilep-nilep pibajueun bawana ti Bandung.Tamba lengoh meuli dua meter satengah keur Yuyum.
"Rek di Bidan atawa di Dokter cenah babarna Neng Awit teh, Jang?"
"Ah, duka da Inu mah tara pirajeunan ubral-obrol sareng Awit. Atuda enjing siangkuliah, sonten wengi digawe. Ongkoh sieun majar nyaaheun, heg teh montel ...
waaah repot ..." Barakatak Inu seuri.
"Geus sabaraha sasih cenah Kang, bobotna?"
"Teuing, cek Kang Inu ge tara tunyu-tanya ..."
"Karunya atuh Kang tara ditaros mah."
"Kurang kumaha Akang karunya ka manehna. Mun teu inget ka Ema mah caduteuing Akang ngawin awewe kawas kitu, ner teu Yum?"
Yuyum unggeuk, tapi basa ngareret ka indungna, Inu rada ngarandeg. Euweuh,imut nu biasa mapaesan biwirna teh. Nu aya ngan paromah nu ngandungkateungeunah. Tapi Inu teu papanjangan nyarita. Sep ngenyot rokona, bulhaseupna dikebulkeun, ngelun ka luhur ... Teu dihaja diteuteup ku tiluan.
"Sok inget, harita Ema keur ditinggalkeun maot ku bapa maraneh. Da atuh manigupuy-gapay teuing kudu kumaha. Nu matak Yuyum mah kudu tamat sakola teh,kudu bisa cekel gawe, ulah ngandelkeun teuing salaki. Harita Ema ... duh Gusti ...Heg Ujang leutik keneh, komo Yuyum mah. Lain ngagogoreng dulur, harita UwaIto teh tas ngajual imah. Ema nganjang. Da mani baluar-balieur atuh, Jang. Behnamah dulur teh jadi batur geus dipisahkeun ku dunya mah. Tapi indungna Awit, nada mani bela. Cacak ukur sobat keur jaman sakola. Komo basa Ema gering, munseug taya maranehna, emh, boa maraneh teh ayeuna ge geus teu baroga indungbapa. Nu matak wayahna Ujang ... tulungan heula we, naon kahayangna ..."
"Leresan dinya mah, Ma, kantenan. Ngan da Inu ge gaduh cita-cita hoyongngawangun rumah tangga jeung nu dipiati. Jeung istri nu ngabogaan tangtungan.Asa teu kacipta istri kawas Awit bakal bisa jadi indung nu hade. Mangkaning pansaur Ema ge jadi indung nu hade teh kalintang banggana. Ieu deui, nu tumanhirup senang, sagala sok tinggal engab. Sedeng manehna kudu jadi indung, nuwayahna nganomerduakeun kahayang sorangan. Asa moal tiasa, Ma. Jabi tilasistri bangor. Naha moal kanceuh kabangoranana di mana jaga manehna geusrumah tangga. Inu gaduh pamilih ka Mila, leresan dieu mah punten we Ma, arikedah neraskeun rumah tangga sareng Awit mah ..."
"Ih, lebah dinya mah kumaha Ujang, Ema mah ngan nyaritakeun eta. Pedahmenta didagoan nepi ka ngalahirkeun. Sukur we ku Ujang disanggupan. Nyieunpagawean amal teh teu kudu kubarang bere wae. Ngajait wiwirang deungeun gekaasup pagawean amal ..." Indungna ngarenghap. Pibajueun diturubkeun kanapingpingna.
"Abot teuing saleresna mah Ma, males budi ku jalan kieu teh. Amal nu kawas abditeh seueur awonna. Geura we, raraoseun istri nu kalakuanana kawas Awit, munseueur lalaki nu kawas abdi. Kitu deui lalaki nukawas bapana anak Awit, beukingabur napsuna, beuki sawenang-wenang migawe pagawean nirca, ngahina kakaum wanita. Sareng naha teu kalebet kana ngilungan kana padamelan awon tateh, Ma?"
"Asal Ujang enya-enya nulung. Ujang kudu beresih tina sagala pamrih. Upamanawae, pedah Neng Awit geulis, der sakamar heula, tapi lebah tanggung jawabUjang nyebutkeun nulung wungkul. Ari enya Ujang nulungan, cek Ema mahkaasupna kana amal. Jeung deui cek Ema ge Ujang mah nenjo Ema. Itung-itungmales kahadean batur. Ema teu bisa males, da pimanaeun. Ayeuna keurmangsana manehna butuh ku pitulung, kabeneran Ujang sadrah, naon salahna.
Tapi Ema teu maksa deuih ka Ujang sangkan satuluyna ngarangkeup ka NengAwit ..."
Serebung haseup roko Inu ngapung ka luhur. Terus ... terus ... muru lalangit.Ditumbu ku haseup nu anyar datang. Nyerebung, ngabrul ka luhur.
"Jeungna deui, Jang, ulah sok waka ngahina ... cek Ema kangaranan manusa mahtara luput tina kasalahan. Ieu ge meureun, Neng Awit teh keur mangsana nyorangdosa, kasalahan nu boa ku manehna mah teu karasaeun. Tapi can tangtu Ujang,manehna bakal saterusna kitu. Papadaning kitu ge Ujang, ulah ari nembongkeunsipat miijid mah. Saha nu nyaho, nu ku urang dipideudeuh hiji mangsa teupupuguh aya alesan pikeun dipiijid, atawa sabalikna. Manusa tea teu kawasa.Jeungna deui parasaan mah digerakkeun ku Pangeran, lain kahayang. Ngansanajan kumaha wae oge, Ema mah mihape ... awewe nu kumaha wae oge kuUjang kudu dihormat, saperti Ujang ngahormat ka Ema."
"Ey ... Ema mah mani serius ..." cek Yuyum.
"Ih ... lain serieus ieu mah mapatahan we ... ka anak."
"Nuhun ketah. Ma ... eh, Yum nyaan ningali Mila jeung pameget teh iraha?" cekInu asa diingetan ku kekecapan indungna.
"Ah, Yuyum onaman, boa teuing emangna ..." indungna nempas.
"Dukaa ... pokona cek Yuyum ge ningali Ceu Mila jeung pameget."
Indungna balem. Neuteup beungeut Inu lila naker. Inu ge ngareret. Najan katenjobeungeut indungna nyanghareup ka manehna, Inu teu bisa ngajugjugan jeroeunhate indungna. Teuing aya naon. Laut nu sakumaha jerona beunang kenehditeuleuman, hate jelema saha nu bisa?
Basa indungna nutup-nutupkeun hordeng jandela, jeung adan Maghrib kadengengelingan umat Islam, Inu diuk keneh dina korsina. Sakapeung haseup ngelunloba ngabrul ka luhur, sakapeung haseupna diantep ngambul tina rokona keneh.Ngan nu tetela, layung geus nembongan. Sakeudeung deui alam nu tadi caanglenglang bakal kaganti ku poek jeung sepi.

di lajengkeun ka bag 5

0 Waleran:

Posting Komentar

 
Weureu Gadung © 2015 | Website ini bekerjasama dengan Weureu Gadung