NOVEL SUNDA HALIMUN PEURAY
Selasa, 29 Oktober 2013
HALIMUN PEURAY
BAG 5
Teu sing baranang ku bentang, teu
sing aya bulan ngagandeuang, tapi peuting eta teu burung endah keur Inu. Najan
ukur dipapaes ku langit anu meredong, teu burung betah kumelendang handapeun
amparanana.
"Iraha sumping ti Bandung Kang
Inu teh?" rada ngalende nyaritana Mila teh. Leungeun kencana nyoo
ramo-ramo leungeun Inu nu katuhu.
"Mangkukna," tembalna
pondok.
"Naha atuh mani nembe ayeuna ka
dieuna ..." Leupas ayeuna mah leungeun ngajaleprit nu nyoo ramo-ramo
leungeunna tea.
"Ah teu kunanaha ..."
"Tos bosen, nya ...," cek
Mila. Ngised ngajauhan, tapi Inu ge geuwat ngadekeutan deui. Leungeun Mila
dicekel pageuh.
"Ulah waka bendu atuh ...
dangukeun heula ..."
"Duka ... ah...," cek
Mila.
Keleneng, keleneng tukang sakoteng
nakolan piring beling, sorana jauh keneh, tapi geus atra ari kentrengna mah.
Hiliwir angin nebak tiis.
"Saleresna mah Kang Inu teh aya
picarioseun ..."
Caritana Inu teu kebat. Geus meunang
ngukir, geus meunang mapantes picaritaeun naon anu rek ditepikeun ka Mila teh.
Ngeunaan dirina nu geus kawin bobohongan ka Awit. Tapi naha bet asa aya nu
ngahulag. Nyaram nyaritakeun dongeng nu geus meunang ngukir teh. Ngajelengeng
caritaan indungna ... Cenah manusa mah aya mangsana nyorang dosa ..., ayeuna
Awit keur nyorang dosa. Tapi sok sieun Mila nyahoeun manten ti batur. Ma'lum
beja sok leuwih harus ti goong. Ngeungkeung ka jauhna. Bandung Garut kitu, moal
sabaraha hesena nepi.
"Terang Mila oge ...," cek
Mila. Ngarandeg Inu teh. Naha enya kitu Mila nyahoeun. Moal kitu Yuyum nu
ngabejaanana. Piraku? Jeungna deui pan Yuyum ge geus diwawadian ulah loba
carita.
"Naon cing?" ceuk Inu
neger-neger maneh.
"Kang Inu nembe beres ujian,
kitu, nya?"
"Pinter Mila mah," cek Inu
rada ngemplong. Sanajan hatena mah cangcaya, naha enya eta caritaanana teh. Ku
hese atuh ngajugjugan hate manusa, ku hese atuh neuleuman eusi dada manusa.
"Sanes nanaon, Mil, Kang Inu
teh ..."
"Sok atuh ngadongeng naon, ku
abdi didangukeun!"
Caritakeun wae kitu satarabasna, yen
manehna geus kakawinan jeung Awit lantaran nulungan wiwirang sobat indungna?
Tapi naha wanita pantar Mila bakal percayaeun yen manehna teu kungsi
ngalaksanakeun pagawean ilaharna panganten anyar? Kawas moal percayaeun, moal
meueus-meueus acan. Leuwih hade tong dibejaan wae kitu. Tapi kumaha mun kaburu
nyahoeun? Ku sarwa salah atuh. Jeung ku sieun pisan Inu mah leungiteun Mila
teh. Bongan kadeudeuh geus lawas maneuh, geus heubeul eunteup dina dirina.
Bongan geus hese mopohokeunana. Kadeudeuh nu ngawujud jadi cita-cita hayang
ngahiji.
Kelentreng piring nu ditakolan ku tukang
sakoteng beki deukeut, beuki deukeut. Teu lila lar doronganana ngaliwat ka
hareupeun maranehna.
"Ih, ku teu aya damel,
kolot-kolot nakolan piring," cek Inu. Key Mila seuri. Jeletot nyiwit kana
puhu leungeunna. Leungeun nu nyiwit dicentok tarik nepi ka kabawa jeung awakna.
Laun panon Mila peureum. Gulutrak sora nu tumpak kareta mesin ditarikkeun,
sigana ngaliwatan jalan nu rada legok.
"Kang Nu ..."
"Hmmh ...?"
"Sono Mila mah."
"Kang Inu ge ..."
Bray lampu mobil nyebrot cahayana,
tapi mobilna mah kakara kadenge gerungna. Teu lila katenjo nyerepet, ngan
sakilat pisan ngaliwatan buruan. Breh beunguet Awit dina pikiran Inu. Teuing
keur naon manehna ayeuna. Mun seug Mila nyahoeun, tada teuing raheut hatena,
sanajan dina dirina taya naonnaon, taya rasa naon-naon ka Awit teh.
"Sok, tuh ... cenah bade
ngadongeng," cek Mila. Sirahna nyangsaya dina taktak Inu. Kaambeu buukna seungit.
"Aya hiji raja... kagungan
putra opat ...," Inu ngarandeg.
"Teras?"
"Teras nu cikal pupus, kantun
tilu deui."
"Teras?"
"Teras pupus hiji kantun dua
..."
"Teras?" jeletot nyiwit,
teu gancang dileupaskeun. Peurih peurihna mah Inu teh, tapi asa teu hayang
leupas tah leungeun nu nyiwit teh.
"Teras pupus deui kantun hiji
..."
"Teras pupus hiji deui kantun
... seep nya. Sok bade nyarios naon?"
"Aduduh ... duh ..."
Peresis tapak diciwit ku Yuyum nu ayeuna diciwit ku Mila teh. Awewe jeung
nyiwit mah, kawas gula jeung kopi, adu manis.
Enya, bet jadi inget kana caritaan
Yuyum, cenah Mila reureujeungan jeung lalaki, sakalian rek ditanyakeun.
"Mila ... cenah tepang sareng
Yuyum keur sareng pameget?"
Mila teu nembalan, tapi ngan
sakeudeung, terus nyanghareup ka Inu. Mun bisa mah Inu, ku hayangeun ngobet
eusi hate mojang nu ayeuna aya di hareupeunana. Tapi kapan nu pamohalan tea
bisa kajadian.
"Eta teh Emang Mila ... kapirai
Ema ngan tos rada laer. Naha Yuyum ngadongeng ka Kang Inu?"
"Atuh kantenan we ..."
"Emang Mila ta teh ..."
Inu neangan bebeneran dina panon
Mila. Cenah awewe sok katara ari ngabohong. Tapi Mila bangun teger, bangun teu
sieuneun. Teu bangun nu reuwas, teu bangun nu ngadegdeg. Enyaan meureun mana
kitu ge, teu ngabohong.
"Emang nu mana. Kang Inu mah
asa teu acan tepang," cek Inu.
"Atuda wargi tebih. Ke ari Kang
Inu ka dieu, kaleresan Emang ka dieu urang tepangkeun ..."
"Sering kitu ka dieuna?"
cek Inu. Ngaheureuyan maksudna mah. Tapi Mila kalah tungkul semu nu teu
ngeunaheun ku omongan Inu, nu bieu. Manehna ngabigeu teu nyarita nanaon. Geuwat
Inu nyanghareup ka Mila.
"Ku naon, Mil ...""
cek Inu.
"Ah, teu ku nanaon ..." Sirah
Mila tungkul. Inu ngarasa manehna nu ngaruksak kaayaan. Keur meujeuhna hegar
cangra, jadi melegmeg.
"Naha Mila bendu pedah Kang Inu
naros kitu?"
"Ah, henteu."
"Geuning baeud?"
Lila Mila teu ngajawab. Gerung mobil
jeung motor bangun papaheula muru tujuan. Sanajan katenjona ngaliwat ngan
sakolepat, tapi sorana mah kadenge keneh tepi ka sababaraha menit.
"Atuda Kang Inu mah bangun teu
percanten kana cariosan Mila teh."
"Haar ... naha kitu, da enyaan
Kang Inu mah naros, sering henteu Emang teh sumping ka dieuna."
"Hartosna Kang Inu curiga, siga
nu ... nu sinis ..."
Inu ngabarakatak. Mila dikeukeup
pageuh. Kana sela-sela buukna Inu ngaharewos, pinuh ku geter kadeudeuh.
"Percanten ... atuh, Geulis
..."
"Kang Inu teh teu kedah
cangcaya, kapan urang teh tos sakitu lamina sasarengan, maenya Mila tega
sasarengan deui sareng nu sanes ..."
"Muhun percanten ... punten we
atuh, nya Mil."
Hiliwir angin peuting nebak tiis.
Najan langit poek meredong oyagna dangdaunan katara keneh, kacahyaan ku lampu
jalan nu caang mabra. Aya reungit nu ngurilingan lampu, terus rabeng, teu lila
areuweuh, tapi teu kungsi sababaraha menit breng deui muter deui, muter
ngurilingan lampu.
"Kang Inu, emh ... ari Kang Inu
iraha bade mundut Mila ka Ema?"
Inu ngabetem. Kudu iraha atuh
nembalan teh? Ras inget sanajan sipatna bobodoan, tapi manehna geus kacatet
resmi jadi salaki Awit. Mun can ngalahirkeun manehna moal bisa pipisahan.
Hartina paling saeutik kudu ngadagoan lima atawa opat bulan deui. Mun Mila
hayang tereh-tereh, kumaha atuh ngakalanana? Bebeja wae kitu yen manehna teh
nulungan Awit. Tapi eta karisi, inggis Mila teu percayaeun, enya-enya neundeut
ngabeungbeuratan hatena. Leungiteun Mila hartina leungiteun sumanget hirup,
leungiteun sumanget diajar, leungiteun sumanget gawe. Lantaran ayana Mila, hirupna
teh asa aya maduan. Lantaran ayana Mila cita-cita hayang jadi jelema teh
nanjeurna. Tapi kapan cek indungna ulah waka pipisahan memeh budak Awit lahir.
Inu ngarahuh.
"Kang Nu ..., geuning
ngalamun?"
"Emh, naha Mila teh hoyong
geura-geura kitu?"
"Ah, henteu ... ieu mah naros
we..."
"Pan saur Mila, Kang Inu kedah
tamat heula sakola."
Mila ngalende. Leungeunna nu kenca
nyoo ramo-ramo leungeun Inu. Brul reungit teh ngabrul deui kana tempat nu
caang. Sawareh karasa ngahieng ngadeukeutan tempat nu duaan dariuk.
"Sabaraha taun deui, Kang
Nu?" cek Mila.
"Opat taun deui ...," cek
Inu heureuy.
"Ah ... Kang Nu, atuh Mila
kaburu sepuh manten ..."
Inu ngagebeg. Rada hemengeun ku
caritaan Mila. Kapan sababaraha bulan ka tukang kungsi pakait jangji. Mila rek
satia ngadagoan Inu nepi ka tamat sakola. Naha ayeuna Mila bet nyarita kitu?
Rek digareuwahkeun teh Inu asa karunyaeun. Tapi ari panasaran mah teu weleh.
"Keun we sepuh ge, da keur Kang
Inu ieuh."
"Ah, sieun Mila mah ... pek teh
Kang Inu kanu sanes."
"Paling ge Mila nu ka nu
sanes."
"Tuh ... nya, teu acan nanaon
tos timburuan."
"Atuda Kang Inu mah nyaah
..."
"Mila ge..."
"Naon nu Mila ge..., nyaah ka
Kang Inu?"
Mila unggeuk. Duaan paheneng-heneng.
Hieng reungit ngahieng ngadeukeutan, clo dina puhu leungeun Mila. Tapi nu
dicoco teu ngarasaeun. Bangun keur jongjon. Ukur kadenge renghap napasna,
bangun dipepeg.
"Mila ...?" cek Inu.
Sorana ngahegak.
"Kah ...?"
Inu ngarandeg. Aya pananya dina
hatena, anu teuing ti mana datangna. Bieu, cikeneh karandapan, aya rengkak nu
sejen dina diri Mila, nu samemehna tara kajadian. Manehna neuteup lila naker ka
Mila.
"Nyaan Mila tara sasarengan
sareng nu sanes?" pokna teu pupuguh.
"Ku naon Kang Inu teh?"
"Ah, henteu ..."
Jempe deui. Toktok tukang baso
kadenge hawar-hawar. Selang samenit kadenge ketrokna rada dkerepan. Kasono nu
tadina ngagedur ngagugudag, lir dibanjur ku cai saember pinuh. Rengkak Mila
bieu basa keur nyacapkeun kasono, asa sejen ti sasari. Jeung aya geulang emas
nu ngalingker dina pigeulangna. Ari ali, ali pamere manehna ka mana, henteu
dipake?
"Kang Inu, Mila mah mun tos
nikah alim sabumi sareng sepuh."
"Naha?" cek Inu pondok.
"Seueur kajantenan ari ngahiji
sareng sepuh teh. Boh sareng sepuh ti pihak istri, boh sareng sepuh ti pihak
pameget, eta ku barebedanana ... Mila sok ngadangudangu ..., lah hoream Mila
mah."
"Nya ... urang usahakeun misah
we atuh, nyewa-nyewa bae mah."
"Resep meureun, nya Kang
Inu."
Inu ngareret kana beungeut Mila.
Anyar-anyar pisan eta sora teh kadenge. Hartina hiji tanjakan ti diri Mila. Nu
samemehna mah tara nyaritakeun sual kakayaan, sual imah, sual sagala. Naha geus
nincak kadewasaan kitu Mila teh? Tapi Inu teu papanjangan. Mila dikaleng. Rasa
deudeuh, rasa nyaah, ngagunduk dina dadana, awor jeung rasa hariwang, paur
alahbatan rek maut hinis. Sok sieun cita-cita, nu geus dipatri teh teu ngajadi.
"Kang Nu. Mila mah hoyong naker
gaduh acuk buludru model ayeuna."
Enyaan ayeuna mah Inu teh
ngajenghok. Lain wae sora anyar lain wae rengkak anyar, tapi pamolah ... sagala
alanyar karasana.
"Mila... hoyong dipangmeserkeun
acuk?"
"Naha kitu Kang Nu ... pan Kang
Inu teh nyaah ka Mila ... nya, Mila mah sok sirik, cenah Yuyum sok dikintun
acuk ku Kang Inu, geuning ka Mila mah tara ..."
"Pan cenah saur Mila, ari ku
taeun dipasihan acuk teh sok atosan."
"Ah nonsen Kang Inu, bohong,
ulah percanten ka nu kitu."
Nonsen? Nyaho ti mana Mila kecap
kitu. Na sok reureujeungan jeung saha atuh Mila teh, make motekar ngagunakeun
kecap kitu sagala? Kamajuan meureun. Kayungyun, enyaan kayungyun.
"Nya atuh ari saur Mila nonsen
mah, ke ku Kang Inu dipang..."
Jeletot leungeun diciwit. Inu
ngagurubug. Mila terus ngagebugan. Ditewak lelungeunna ku Inu, terus diteuteup.
Ku hayang nyaho atuh, saha nu sok reureujeungan jeung Mila teh, mun mojang,
mojang ti mana, mun lalaki, lalaki saha, nu mere hawa anyar kana kahirupan
Mila.
"Kang Inu ... leupaskeun."
"Sok atuh nyarios, nyaah keneh
Mila teh ka Akang?"
"Ku naon Kang Inu teh?"
"Henteu ku nanaon, sok waler
nyaah keneh henteu?"
"Nyaah..., nyaah ..."
"Daek naon?"
Gutrak panto muka. Inu ngaleupaskeun
leungeun Mila. Lol indungna Mila ka luar. Inu nyerengeh, geuwat rengkuh bari
imut.
"Di lalebet atuh, Cep Inu ...
angin."
"Mangga ...," cek Inu
nyerengeh. Teu lila indungna Mila asup deui ka jero. Mila ge nitah Inu asup
nuturkeun manehna.
Peuting beuki poek. Beuki lila beuki
jempling. Lila Inu paheneng-heneng. Tapi terus rasa, tindakan indungna bieu teh
sacara teu langsung ngelingan yen ayeuna teh geus peuting. Nepi ka pamitanana,
nepi ka lekasanana obrolan nu diajam rek dcaritakeun teh bolay, kagareuwahkeun
ku rengkak Mila nu sarwa anyar, sarwa teu pikahartieun. Tapi kateupercayaanana
dilelepkeun ka jero ... jero pisan. Pamuga Mila teh angger Mila nu bareto,
gerentesna, ka angin peuting nu maturan manehna leumpang nyorangan.
di lajengkeun ka bag 6
0 Waleran:
Posting Komentar