HALIMUN PEURAY

Selasa, 15 Oktober 2013

HALIMUN PEURAY
bag 2



"Ulah nangis, teu resep Kang Inu mah ka nu epes meer teh. Bongan Awit makekumawani milampah kitu. Ayeuna Awit kudu tanggung jawab kana pagawean tadi.Da geuning lalakina mah, kalah kabur. Raraoskeun ku Awit balukarna. Sakali deuiKang Inu mah ukur nulung wungkul, mangmaleskeun budi nu jadi kolot."Inu geus teu hayang nangtung di dinya leuwih lila. Tapi ieu papakean panganten,asa rarigedeun pisan. Rek ganti ku piama, bet eraeun ku nu nangtung ajeg deukeut toilet teh.
"Mayunna ka ditu!" cek Inu.
Awit teu baha, tuluy nangtung nonggongan. Baju, samping, beubeur dilaanan hijihiji, lung-lung di kana luhur tempat ditidurkeun. Geuwat dipiama.
"Tos.....!" cek Inu.
Tapi Awit teu malik deui, angger ngajengjen nangtung nyanghareup kana tembok.
"Wit, atos sok rek dangdit mah," cek Inu. Kop kana sisir. Serewuk nyisirandikatukangkeun. Tapak bendo ngageleng dina tengah-tengah tarangna. Kaseptadi rarasaan manehna, keur make pakean Sunda, jeung bubudugulan kawasayeuna mah.
Teu malire ka nu ngajengjen keneh, Inu ka luar, lalaunan nutupkeun panto.
"Rek naon pangenten ka luar deui?" cek Budiman nu keur meres-mereskeun urutdekorasi di tengah imah.
"Tong pura-pura Nu, make ka luar deui sagala rupa."
"Geus tepi, In?"
"Pilem extrana we."Nu ngaheureuyan teu didenge ku Inu. Terus leumpang ngajugjug kamar hareup,kamar nu diajangkeun keur manehna.
"Cep Inu!" Sora nu ngagero, Inu ngarandeg. Direret indung Awit.
"Aya naon tanteu?" pokna.
"Ka dieu geura."Inu dikenyang kana korsi. Gek dibawa diuk ngarendeng jeung manehna.
"Ieuh, wayahna we, sawengi ieu mah kulem teh di kamar panganten, nya. Seueurrerencangan ti organisasi Tanteu nu ngawengi di dieu. Maenya cenah meureunpanganten teu sakamar. Tanteu isin. Duh Cep Inu, nuhun pisan. Tanteu moal hilapkana kasaean Cep Inu."Inu ngajeten. Bray beuleugeunjeurna awak Awit, nu keur meujeuhna
ngabeukahan. Irungnya, biwirna, panonna, sagala-galana alus. Tpi breh deuibeungeut Mila....... kacinta kadeudeuh ditomplokkeun ngan ka dirina sorangan.
"Duh cep Inu, sawengi ieu we Tanteu mah, ulang kapalang nya nulung!" Satengahacong-acongan nyembah indungnya Awit teh.
Bray indungnya nu keur ngalempreh di imah sababaraha taun ka tukang, geringripuh sanggeus ditinggalkeun maot ku bapana. Cakah-cikih indung bapa Awit nunguruskeun. Nu mawa ka rumah sakit, nu ngalongokan saban poe. Malah indungAwit nu ngurus manehna kadua adina, disambat dipideudeuh lir ka anakna pituin.
Ayeuna, peuting ieu datang mangsa pikeun mulang tarima teh, males kahadeandeungeun, nu kacida beuratna.
"Kumaha Cep Inu?"
"Mangga, Tanteu."
Inu digabrug. Aya cipanon nu nyangkrung dina juru-juru panonna. Teu lila ngeclakhiji-hiji.
"Jig atuh, kasep," pokna dareuda.
Inu balik deui. Hatena barontak hayang nolak ieu pamenta. Tapi kapan bareto geindung Awit teh nepi ka bebeakan ngajual perhiasanana keur nebus indungnya tirumah sakit.
Panto kamar dibuka lalaunan, hordengnya nuruban sirah Inu disingraykeun kuleungeun kencana.Seleksek seungit buah ngora pacampur jeung seungit parfum, Awit ngalieuk. HateInu nyeblak. Awak koneng dituruban daster nylon kayas ipis. Buukna ngarumbaypanjang, galing muntang. Pakean panganten lalaki ngentep di tunjangeunana.
"Naha mulih deui?" pokna.
Rey getih Inu asa naek kana sirahna. Rasa harga dirina asa dibabetkeun, asadicacampah. Awit diteuteup, antare we nyapek buah ngora.
"Disangka ku Awit, Kang Inu katarik ku Awit" Yeuh disatangkarak jagat teh henteusadaya pameget kabita ku kaendahan lahiriah hiji istri. Disangka ku Awit Kang inukataji ku Awit? Hemmmh........ najan Awit geulis, keur Kang Inu mah teu beda tiruntah!"
"Kang Inu!" Awit ngorejat, leumpang ngadeukeutan Inu. Gap nyekel kana taktakInu, geuwat dikepeskeun.
"Kang Inu moal ngageugeuleuh jabang bayi suci nu aya dina kandungan Awit.Sina mekar, sina jadi hiji budak anu puguh hiji bapana."
"Da Awit mah...... da........," teu kebat."Awit teu perlu sombong. Awit ulang nyangka Kang Inu daek kikieuan teh pedahkabita ku harta banda sepuh Awit. Najan Kang Inu sakieu kaayaan, kulawargaKang Inu teu boga jiwa baramaen.....!"
"Kang Inu... naha atuh Kang Inu teh make keresa nikah ka Awit?" Satengahngabeubeutkeun maneh Awit diuk, anakna ngampul sakeudeung, terus enyod-enyodan,teu lila eureun. Beungeutna ditungkup ku dua leungeunna.
"Lantaran indung Awit ceurik-ceurik menta tulung ka Ema...."
"Naha atuh Kang Inu make keresa?"
"Cek Kang Inu, lantaran Kang Inu ngarasa kahutangan budi. Kahayang Kang Inumah Awit ngarti, ulah ngahina".
"Saha nu ngahina Kang Inu?"
"Ari bieu?"
"Na nyarios naon kitu Awit teh?"
Inu ngajengket, leumpang ngajugjug lebah jandela. Bray mukakeun jandela hiji,karasa hawa tiis nyecep.
"Dikira ku Awit, Kang Inu ka dieu teh kahayang Kang Inu?" Awit teu kadengenyoara.
"Mamah Awit, tuang ibu, nu mamaksa Kang Inu lebet deui ka kamar ieu. Ulahdikira, ari jelema malarat kawas Kang Inu teu bogaeun harga diri!"
"Kang Inu........... paralun upami Awit ngahina Kang Inu... maksad Awit mah, nahaKang Inu nganggo ka dieu, nganggo keresa lebet ka kamar ieu, kapan Kang Inuteh ngewa ka Awit.... kitu."
Inu teu nembalan. Ret kana korsi, luhurnya aya kado tilu bungkus. Hiji-hijiditurunkeun ka handap. Gek diuk di dinya. Kadak-kodok kana sakuna. Kakarainget ti tatadi teu udud. Ti pukul lima sore tepi ka pukul salapan peuting, diuk Sakapeung nangtung narima panyalam semah.
"Bade nyesep?" cek Awit, siga rek ngojengkang.
"Henteu!" tembal Inu sugal. Taya hak pikeun nitah. Manehna lain pamajikan aing.Kawin soteh "proforma" wungkul. Bisi masarakat nganenan yen Awit teh kakandungan teu bapaan.
"Kang Inu.... hapunten we atuh Awit. Engke Awit nyarios ka Ceu Mila, bilih....."
"Teu perlu!" cek Inu. Awit ngajengjen.
"Sok geura kulem, ulah nyarios wae," cek Inu deui. Jung manehna nangtung.Katenjo Awit teh nurut. Ngagoler nuruban maneh ku simbut.
Deudeuh nasib wanita, gerentesna. Nu awong-awongan nyebutkeun emansipasi,nu awong-awongan nyebutkeun geus sarua hak jeung lalaki dina sagala widang.Lebah dieuna mah, angger keneh jati cocooan, pikeun dibobodo lalaki. Emansipasinu majar nyakup sagala widang, saenyana samar-samar keneh pikeunmaranehna.Maranehna moal bisa ngaleupaskeun nalurina sabage hiji umat nu dingarananwanita. Bongan ditakdirkeun leuwih hengker ti lalaki. Sanajan loba nu geustandang makalangan, loba keneh nu daek jadi papaes, jadi cocooan, jadi tipueunlalaki. Awit katenjo ngulisik. Inu geuwat miceun beungeut. Paneuteupnanganclong ka jauhna, ka langit nu meredong hideung, kana bentang nu celak-celakaranggang. Sakapeung angin leutik ngulinkeun buuk hareupna.
Ret kana beker leutik luhureun toilet. Geus pukul dua welas. Inu cengkat lalaunan.Teu hade angin peuting keur nu kakandungan. Lalaunan manehna leumpang.Kareret nu keur sare, bangun sadrah, bangun pasrah. Leungeunna numpang dinabeuteungnya nu geus rada bucitreuk.Asa teu wasaeun Inu kudu cicing di kamar eta, komo make kudu sare saenggonmah, da manehna teh manusa biasa. Manehna embung ngahianat Mila. Lantarancek indungnya. "Hormat ku Ujang sakabeh awewe, saperti Ujang ngahormatEma."
Deudeuh meureun Mila, mun teu buru-buru diteang, mun teu buru-buru dibejaan.Manehna ka luar. Gek diuk dina korsi panjang. Eusi imah geus simpe. Geus taya nuhudang saurang-saurang acan. tinggal Inu nu diuk sidakep bari peureum.

di lajengkeun ka bag 3

0 Waleran:

Posting Komentar

 
Weureu Gadung © 2015 | Website ini bekerjasama dengan Weureu Gadung